Siloka Paribasa Urang Sunda



1.      Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat
2.      Takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar
3.      Legok tapak genteng kadek
4.      Urang teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang
5.      Nete taraje nincak hambalan
6.      Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
7.      Kagunturan madu, kaurugan menyan putih
8.      Katarik ati kagendang asmara
9.      Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan
10.  Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari
11.  Di dinding kelir di sindang siloka
12.  Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin
13.  Geletuk batuna, gejebur caina
14.  Mipit amit ngala menta, nete taraje nincak hambalan, nungtik lari mapay bukit, nyukcruk walungan mapay wahangan, ipis lapis kandel tapel
15.  Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa
  1. Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
  2. Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
  3. Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
  4. Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati
  5. Tatangkalan dileuweung téh kudu di pupust
  6. Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak 
  7. Urang kudu jadi ajug kalakuan jadi lilin
  8. Nimu luang tina burang 
  9. Neangan luang tipapada urang
  10. Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
  11. Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
  12. Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
  13. Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
  14. Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
  15. Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
  16. Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
  17. Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
  18. Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana (drigamana), nyerenkeun

   Di sadur ti babaraha sumber.
   Bogor, 15 Desember 2015




0 komentar:

Posting Komentar

 

Support

Support

Support

Support

Support

Support